Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sandékala

Sabtu, 30 Juli 2016

"ULAH, Nyai. Ulah ngulampreng sareupna, bisi aya sandékala."
Iiiy, sieun. Sieun dirawu, dibawa hiber. Gancang kuring asup ka imah.
Basa hirup ngarandakah. Dumadak loba gambar arendah nyalampeurkeun. Ngawawaas.
"Lagi apa, say!"
Aya nu tingkeleper, ngamuara dina jajantung. Dag-dig-dug.
"Kangen, ih!"
Burinyay, jeleguuur! Sandékala ngaguruh. Gayabaaag, gayabaaag! Gerewek ngiwat mangsa. Kuring nu ngulampreng sareupna. Sareupna pipikiran, sareupna rarasaan, sareupna tetempoan, sareupna dédéngéan. Gelebeeer! Dibawa ka alam samar. Dikeukeupan, diusapan. Kangeunahan. Poho kana panonpoé nu keur lingsir ngulon. Kapindingan wirahma asmara, nu pamohalan kasaba deui, mun teu dihayukeun.
"Diantos, nya!"
Kuring ngararancang pialesaneun, mun salaki jeung barudak mangloh.
"Seueur padamelan sayang. Upami teu diréngsékeun, mamah moal kénging tambihan."
Cinta episod kadua dibungkus kaca. Tiba kana ungkara, sabuni-bunina. Prayyy! Kaca mancawura. Kuring cuang-cieung. Sandékala ngagebay nepi tungtung layung. Nancebkeun kaduhung, sanggeus ditundung.*

Dadah Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya