Nu Ngadago di Don Muéang
PILOT kapal ngapung geus ngawawarkeun dina waktu sapanyaaban deui bakal turun di Airport Don Muéang. Pramugari jiga setrikaan bulak-balik mastikeun yén sakabéh panumpang geus maraké sabuk pangaman. Lalamuk pating garuncluk neumbragan jangjang pesawat anu sawaréhna buray. Laju pesawat mayung jiga japati rék asup euntreup kana paguponna. Dayeuh Bangkok
beuki atra kajeueung ti jomantara. Suhunan-suhunan bangunan hampir rék sarimbag jeung imah suku Melayu di Riau. Imah panggung nu wuwungna diréka ku ukiran warna emas marelung. Palataran héjo ngemploh. Mayakpak tutuwuhan matak betah tumaninah. Ngan titadi asa can manggihan gunung. Ajat luak-lieuk tina jandéla hayang sidik motrétan alam. Bari kaméra mah teu weléh ditojokeun ka pamandangan anu sakirana éndah. Sora mesin Air Bus beuki ngagerung. Gilindingna geus kapireung écés pisan. Geredeg…Geredeg…..narabas jalan pacu nu ngabulungbung. Ajat lenga-lengo deui. Teu béda geuning Bangkok téh jiga di Jakarta waé.
Haté Ajat ratug tutunggulan. Geus kumejot hayang panggih jeung mojang Thailand nu aranna Thanakee Panchapon—kenalan tina Éf-Bé. Geus tilu bulan mindeng kontak dina internét téh. Pangawakna jangkung lenjang. Cangkéng jiga biola Spanyol. Buuk panjang satonggong. Euweuh cawadeunana. Gado semu beulah bawa ti kadim. Éstuning geulis nu lain pupulasan téa. Bareng jrut turun, HP geus dihirupkeun. Blang-bling sora és-ém-és. Rét nempo eusina anu murudul jiga nu diutahkeun. Sawaréh ti provider sélulér nu ngabagéakeun pengguna nu karék datang di Thailand.
‘’I’m here already honey. Thanakee.’’ceuk tina jero SMS.
‘’OK, wait darling.’’Ajat gura-giru malesan bisi deudeupeun.
Asup kana konter imigrasi, jalma pajejel-jejel. Ngantay badis karéta api Argo Wilis. Ajat teu genah cicing. Jaba hayang kiih turta lapar. Keur mah tadi kasaréan basa di awang-awang teu kararaban sangu saréméh-réméh acan. Patugas imigrasi téh meni lucir. Geulis. Pangawak konéng umyang jiga mojang Bandung nu sok mariluan winojakrama dina majalah Manglé. Irung bangir, panon rada sipit. Ajat mikeun pasporna. Saenggeus dititénan sakedapan, pok nyarita.
‘’Where are you staying?’’sorana halimpu naker.
‘’Miramar Hotél.’’walon Ajat.
‘’OK.’’
Ceplok pasporna diketok maké palu. Saméméh ngantri nyokot bagasi, Ajat tuturubun néangan jamban. Bérés ti WC meni ngemplong, tuluy nempo konter Money Exchange nu ngajajar sapaparat rohangan. Manéhna ngajugjug salah sahiji gerai. Song ngasongkeun sagepokan Dollar.
‘’Savathdee…..(Punten),’’ Ajat bari nyidakepkeun leungeunna jiga salam rék silat.
‘’Savathdee kap…..’’ témbal awéwé nu geulis ti jero konter.
‘’Édaaan….gareulis kieu urang Bangkok. Paingan kakoncara kajanapria. Paribasa jambu Bangkok, hayam Bangkok, enya geuning mojang-mojangna ogé Barangkok. Euweuh nu joré sahulu-hulu acan. Emmh…Asa genah hirup di dieu….’’ Ajat ngagerendeng bari kaluar watek purunyusna.
‘’Kapungka…(Hatur nuhun).’’ Ajat nampanan duit nu geus ditukerkeun kana Baht.
‘’Kapungkap…(Sami-sami).’’ Ceuk pelayan konter bari ngahormat deui.
Saréngsé nukeurkeun duit, Ajat ngagedig muru koperna. Thanakee bébéndéna geus ngamiskolan waé ti tatadi. Ngéwat koper gura-giru. Rét nempo tanda Exit. Harita loba pisan nu ngajajar rék ngantri taksi.
‘’Where are you? (Di mana anjeun?)’’ Ajat nanya bari neueulkeun ceuli kana HPna.
‘’I’m here near exit gate No.4 (Kuring aya di panto kaluar nomor opat.)’’ Ceuk sora tina telpon.
Bener ceuk sawangan Ajat, Thanakee téh geulis pisan. Rancunit. Ti kajauhan geus katingali. Maké baju belang jiga oray weling, ka handapna maké rok pungsat warna kulawu luhureun tuur. Beuheungna dipapaés pita kayas. Buukna ririaban kaendagkeun kipas angin di éta rohangan. Pingpingna bodas héjo carulangan. Ceuk nu lahuta mah kanjat ngeunteung bakating ku mulus. Ajat bati neureuyan ciduh asa hayang gagancangan ka hotél Miramar téh.
‘’Savathdee kap…..(Sampurasun)’’ Ceuk Ajat.
‘’Savathdee ka…(Rampés)’’ Thanakee jol ngarontok awak Ajat.
Pinareupna karasa ngenyoy. Ajat geus teu puguh rarasaan pokona mah. Kaangseu seungit buukna teuing maké parfum nanahaon. Matak ngondang birahi.
‘’How are you?’’ Ajat muka obrolan bari leumpang ngaléng nu geulis.
‘’I’m Okay darling,’’ ceuk Thanakee bari malédog ku imut anu ngirut. Biwirna anu ambucuy meni hayang gep ngégél sapada harita.
‘’I got taxi already. Here we go (Abdi tos mesen taksi. Ieu taksina).’’ Thanakee bari nuduhkeun di tempat parkiran taksi warna konéng polét héjo.
Thanakee clak asup kana taksi, dituturkeun ku Ajat. Koper diasupkeun ku supir. Geblug sora bahasi mobil diringkebkeun. Gerung distater.
‘’Where to? (Kamana?)’’ ceuk supir.
‘’Miramar hotél.’’ walon Ajat singket. ‘’How much?’’ pokna deui.
‘’500 Baht.’’
‘’OK.’’ Ajat teu loba itungan komo di sagédéngeunana aya awéwé nu dipikaresep.
Panon Thanakee bari ngelétan ka Ajat. Sakapeung ngaléndotan kana taktak. Leungeun Ajat ogé rada cunihin. Ngopépang kaditu-kadieu. Palid kamana mendi. Sajongjongan mah simpé. Biwir Thanakee celengok nyium pipi kabogoh nu dianti-anti. Ajat asa ngalayang. Rarasaan mah teu napak dina éta jok. Uteukna mah geus hayang gagancangan ngabaragadalan mojang Bangkok. Keur kitu Thanakee nyarita.
‘’You will not regret If I tell you honestly?(Anjeun moal kaduhung mun seug kuring balaka)?’’ Sorana ogoan pisan.
‘’Definitely not. I’ll be with you forever honey.(Atuh moal. Kuring rék salilana hirup jeung anjeun).’’ Ajat bari nyawél gado éta mojang.
‘’Actually…(Saenyana)….’’ teu kebat.
‘’Actually what?....(Saenyana kumaha?)…’’ Ajat kerung bangun nu héran dibarung ku neuteup seukeut hayang maca eusi haté Thanakee.
Mobil ngabelesat meulah jalan tol Bangkok. Kénca-katuhu dikuriling ku kuil. Patung Budha warna emas hampir aya hareupeun unggal buruan bangunan. Tulisan Sangsakerta riringkelan jiga cacing kapanasan dina baliho jeung papan réklame. Jalan cagak aya plang ka Svarnabum airport, nu lurus mah ka Bangkok city. Sabot keur kitu, Thanakee ngudar pita kayas dina beuheungna. Ajat nyidik-nyidik aya naon dina beuheung éta cawéné téh. Gebeg manéhna ngarénjag sataker kebek. Geuning aya nu ngajenggul jiga tikoro Ajat. Nyel ambek pagaliwota jeung handeueul. Tétéla….
‘’Are you….?(Anjeun téh?’)’’ Ajat siki panonna jiga nu rék luncat.
‘’Yes….I’m lady-boy (Muhun, simkuring téh wandu).’’ Thanakee ngeluk tungkul jiga bueuk jiga meunang mabuk.
Ajat ngadadak malik cua ka éta dedegan. Nu saenyana mah geuning lalaki nu trans-génder. Pinareup jiga awéwé pisan. Raray malah leuwih méncrang alabatan mojang di kampung Ajat, ngan nu matak kuciwana téh statusna béncong. Ajat ngabalieur bari ngépéskeun leungeunna. Haténa mentegeg asa ditonjok kohkol. Asa kabelejog. Katipu. Calanana nu ti tatadi karasa sereg, ayeuna mah lémpés deui.
‘’Why you don’t tell me from beginning? (Kunaon anjeun teu ngomong ti anggalna?)’’ Ajat kekerot rada nyeuneu.
‘’You never ask me whether I’m genuine female or not?(Anjeun teu pernah nanya, kuring téh awéwé sajati atawa wandu?)’’ Walona teteg.
‘’Anyiiiiiiiiiiiiiir……aing katipu. Goblog! Geus béak sabaraha juta aing ongkos kadieu….’’ Ajat kukulutus dina haténa.
Kaduhung sagedé gunung. Gara-gara rurusuhan teu puguh. Manggihan awéwé geulis kajajadén dina FB. Ajat harita kénéh asa hayang hiber deui ka Jakarta. Ijid. Geuleuh. Sebel ka éta mangkeluk gigireunana. Nu geuning loba pisan jeung mahabu di kota Bangkok mah.
‘’Aing daripada mékprék nu kieu patut, mendingan peluh saumur-umur!’’ Ajat ngutruk ku basa Sunda.
‘’What are you trying to say? (Nyarios naon anjeun téh)?’’ Thanakee bari nyekelan leungeun Ajat.
Bari ngépéskeun leungeun, Ajat nyarita, ‘’OK, you go down here or I will take you to police station? (Anjeun turun di dieu atawa ku kuring rék digubug ka Kantor Polisi?)’’
‘’OK….Ok….I go.(Muhun…kuring leuwih hadé turun).’’ ceuk Thanakee bari rampang-reumpeung.
Patalimarga beuki ramé. Macét jiga di tol Tanjung Priuk. Klakson mobil pacaréntal. Thanakee tuluy méré sinyal hayang diturunkeun di émpér trotoar jalan. Ngomong maké basa Thailand ka supirna. Jrut turun. Geblug panto taksi ditutup tarik pisan. Éta wandu maké dadah sagala ka Ajat. Ajat langsung ngabalieur. Ngéwa. Hayang utah babalongkéngan. Sasat tadi téh apan nyiuman Thanakee.
‘’Hahahahah…..What’s happening my friend? (Kunaon lur?)’’ Ceuk supir taksi nyakakak.
‘’Shut your mouth, man! Hurry up take me to Miramar….(Gandéng siah! Gancang arukmanan bawa déwék ka Miramar).’’ Ajat baeud.***


