Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Néangan Asih

Minggu, 31 Juli 2016

LALAMPAHAN geus mawa rasa nganjrek na unggal dada. Ti teuteup ka teuteup. Ti jangji ka jangji. Ti enggon ka enggon. Teu timu mamarasna. Ngoléang lir ngagugulung cangkang. Kalalanjoanan, makalangan dina kalangenan
Mangsana ngarasa simpé. Haté teu daék jempé ku pamépéndé. Ngeureuyeuh ngararampa. Néangan nyaah nu miraga kana trésna sajati. Sapaparat jalan digupay ku asih pupulasan. Jijieunan. Lain nu gumati, satia kana hiji jangji.
Aya nu ngagalindeng, gentra ti jauhna. Nu lawas ngeusian lambaran carita. Nu geus dipendem kacida lilana. Boa enya, asih éta. Gagancangan disungsi, dipapaykeun ku panuyun ati. Manéhna, enya manéhna. Nu natrat ngagedat dina saban urat. Guligah campur bungah basa manggih raratan. Disungsi bari mekel harepan.
Lalampahan ieu lalampahan, nyatana geus nepi kana pamustungan. Nu ditéangan horéng angger nyorangan. Sumaré dina puncer kasimpé. Duh… manéhna, “Asih Wening” kabaca dina tetenggerna. Nu diiuhan kembang samoja.*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya