Nu Nangkuban
ASA ngeunah seuri téh. Nyaan! Lain asa, kétang. Da puguh enya. Ngabarakatak, nepi ka budak nu keur lalajo tipi gé katorékan. Liang ceulina nepi ka ditungkup dua dampal leungeunna. Sora tipi nepi méh teu kadéngé. "Ih mamah, seurina gandéng!" Bari baeud.
"Huahahaha..," barakatak téh seuri deui, leuwih tarik. Duh Gusti, aya ku ngeunah kieu seuri. Ranjang milu oyag, eundeur jiga katarajang lini, ampul-ampulan. Pigura nu napel na témbok ragragan, jandéla tingrarekét, éternit pareupeus, kenténg ragrag, pas pisan ragrag kana bujur nu keur nangkuban. Ngocéak sakedeungan, tuluy ngabarakatak deui seuri.
Budak nolol tina panto, "Kunaon Mah? Tadi ngajerit, ayeuna seuseurian?"
Kuring teu wasa némbalan. Nyeri ongkoh, tapi bungah kacida. Bisul na bujur, bieu bucat katinggang kenténg.*
Is Tuning - kisuta.com


