Demi Nagri
“YAKIN? Panceg?”
“Insya Alloh, sing percanten, Juragan. Kuring moal sieun ku pati. Sabab nyawa sakadar titipan.” Sorana tatag. Ceg, kana hulu pedang. Song, ngajak sasalaman. Silihrangkul. Silihdu’akeun.
“Ayeuna seja amitan. Muga nagri hirup waluya…”
Rap jubah bodas. Sorban. Pedang di katuhu. Keris di kénca. Bréh, Radén Antawirya. Katelah Pangéran Diponegoro.Teu dipiceun sasieur. Boh dedegna. Boh pakarangna. Clak kana tonggong Si Kapas. Kenyed meueusan, sorana ngendagkeun puseur harepan. Lumpatna tarik. Ngajauhan.
Srog. Ngahaja ngasongkeun diri ka nu ngajak barempug. Nu keur narungguan, curinghak. Méméh gék, buru-buru dibangkol. Gurudug, digusur ka pangbérokan. Nepi ka tungtung umur. Hirup diganti ku pati.
Di Sitinggil, Madura, rérés gerilya Radén Antawirya bumén-bumén. Nyebarkeun ageman. Leubeut ku mutiara haté. Nuyun umat kana kamaslahatan. Keclak cisocana awor jeung gerendeng du’a, basa nampa béja Ki Sobat nemahan pati di pangbérokan.*
Teti Taryani - kisuta.com


