Teu Ilahar
ASA cikénéh ngalaman kolot téh. Awak regung.
Unggal peuting ngoklok batuk. Patémbalan jeung
hitut nu sakapeung aya bukuran. Dahar gé cok leg.
Da huntu ukur nyésa gugusi. Uyuhan peujitna.
Batur dalit téh balsem, minyak angin, jeung cai
haneut dibotolan. Hiburan gé ukur moyan, nyabutan
bulu irung bari lalajo bujur ibu-ibu nu balanja
di tukang sayur.
Kadieunakeun,
Huis harideung deui. Panon beuki awas. Awak ngareusi.
Tarang hérang, pipi kembu, nyusul huntu nu tingpecenghul
barijilan. Sarupaning nu karijut naleuhneur deui.
Sok rajeun nyingsatkeun sarung bari ngaca. Ngusapan
beuteung nu kungsi budayut.
Ngan mindeng, kuring mikiran mangsa-mangsa nu bakal
disanghareupan. Kahariwang teu weléh nuturkeun.
Geus kajudi, moal lila deui kuring bakal jadi abégé.
Pasti kacipta imut-imutna. Moal aya deui nu nyebut Akang,
Mang, komo Aki. Jajauheun. Kadituna, tangtu kuring
bakal jadi budak. Moal henteu satuluyna malik jadi orok,
nu ukur bisa ceurik jeung roroésan.
Mun geus kitu, saha nu bakal nyusuan kuring?*
Is Tuning - kisuta.com


