Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Angin Agustus

Minggu, 21 Agustus 2016

ARI geus kapilih mah tangtu kudu tanggungjawab. Ngarumat amanat. Teu kauger ku sesebutan awéwé heureut deuleu pondok léngkah. Sakabéh program kasiwer jeung kabadanan. Jam sawelas peuting. Masih kénéh kekelentengan ngaroris gapura nu geus ngadeg dina unggal gang. Reueus. Karancagé babaturan matak sugema.
Di tukangeun, digigireun, nu ngawal abring-abringan. Duméh ketua Panitiana wanoja. Bisi kumaonam. Nu pangdeukeutna, manéhna. Wakil nu satia. “Urang roris heula nu ngadékor panggung.” Manéhna unggeuk. Leumpang gigireun. Ti kajauhan geus katingali, nu baranggawé suka seuri gogonjakan. Deuh, agustusan. Mangsa nu merenah keur sili deukeutan. Bungah, panitia kabéh sauyunan.
Keur anteng nyaksian nu ngaguntingan kertas scotlight, halon manéhna ngaharéwos. “Tos wengi.” Enya, jam satu leuwih saparapat. Angin agustus ayeuna mah tiris nakeran. Tapi awak jeung haté ngadadak kahaneutan. Basa jékétna dirungkupkeun kana tonggong, bari dampalna ngusapan taktak lalaunan.*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya