Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Sajak

Giwangkara

Rabu, 24 Agustus 2016

Seug geus teu metu giwangkara ngawasa beurang
Ka saha deui minangsaraya caang
Purnama ukur sabulan sakali nganjang
Demi cicika ukur sato leutik
Pamuhalan nyingray lalangsé poé
Palangsiang cempor di tepas hareup kudu hurung salilana
Atawa beurang dirungkup mongkléng
padahal huma jeung sawah nganti dipencug
Sapi-sapi marudah ménta parab
Jeung barudak hayang arindit sakola


Inda Nugraha Hidayat – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya