Si Ruyuk
SANGGEUS taya pangeunteupan. Tara ngampih. Nahun. Sakaparan-paran. Kakalayangan di méga malang. Hayang reureuh. Nyorang dayeuh. Manéhna nyirorot pamatukna nutug meulah wiati. Clé, eunteup di gedong sigrong. Rungah-ringeuh. Kapireng aya nu tinggerendeng, aya nu hohoak.Manéhna panasaran. Kaparengan aya loster. Sup asup. Bréh, mireungeuh beurit meni utey.Ajag keur babaung, Gajah keur hareuay.Kabéh némbongkeun rupa-rupa pamolahna. Najan kaayaan keur hanaang. Teu kabitaeun hayang nyamber éta beurit najan hiji ogé! Teu kuateun. Da bau bangké. Rét ka hiji témbok. Leketey. Kagét aya nu mirupa manéhna, keur dibalagbag. Sabot nu di jero keur balangah. Manéhna sakilat hiber, teup eunteup disatukangeun nu dibalagbag. Segruk ceurik. Laju ngaharéwos. “Deudeuh teuing, Ki Silah..., ti iraha dikieu-kieu?” pokna. Semu haroshos. Rét. Gebeg. “Cuing, geuning manéh ogé aya didieu?!” Sit uncuwing teu némbalan. Kalah ngalieus. Barang keur kitu, pangeusi gedong dumadakan sahéng deui. Marijah. Biheung reureuhna. Si Ruyuk ngaheruk. Nugur mangsa.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


