Akang-akang nu Melenyun
KRD soré ngorondang. Beurat ku eusi. Tingcorowok nu hayang buru-buru nepi. Tingceletuk. Cicirihilan. Aya nu ukur nyéréngéh. Nu kuraweud haseum ogé teu kurang. Keur kuring mah mangrupa panggung téater nu tan wates wangen éndahna.
“Hayang téréh nepi mah diuk di hareup jeung masinis atuh...!” ceuk akang-akang nu melenyun. Dituturkeun ku tingcakakak. Tukang dagang milu ngaheurinan. “Koran...koranna ...koran...!” budak sapuluh taunan nawarkeun koran.
“Aya PR, Jang?” tanya akang-akang nu melenyun.
“Aya Pa.”
“Naha atuh sia téh kalah dagang koran, lain gawéan heula PR-na...!” pokna, nyeta-nyeta indung nyarékan budak. Tingcakakak.
Teu lila ronghéap tukang roko asongan.
“Aya samsu, Jang?” akang-akang melenyun.
“Aya, Pa.”
“Sina balik kituh, geus burit. Ulah ulin waé...!” Beuki ager-ageran.
Kitu jeung kitu. Panggung lekasan. Kuring turun di Rancaékék. Tingtorojol nu nyalampeurkeun. Tukang dagang wungkul. Teu lila, kuring ngajurahroh hareupeun patugas langsir. “Bongan ti tadi ngaheureuyan tukang dagang!” hawar-hawar teuing sora saha, méméh ngereles kapaéhan.*
Rudi Riadi - kisuta.com


