Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Rendezvous

Sabtu, 27 Agustus 2016

PARFUM malati. Nyambuang sarohang kamar hotél. Nyaliara kana risbang. Sepré kusut. Simbut ngalumbruk. Pakéan. Calana jero. Kutang. Reregéh hégak. Katut peuting nu terus nguyumbang dina garajag késang duaan. “Honey, geus dibéréskeun salingkuhan Si Om téh?” Sora awéwé. Sora nu terus lumengis. Bangun nahan kanyeri. Tapi teu lila nyikikik. Leungeunna pageuh ngarameus sirah pangrungrum. “Bérés, Tanteu. Biasa, tanpa jejak dan kesalahan…” Sora lalaki. Sora nu beuki ngagalura. Bangun nyorang netek tanjakan. Laju kumareumbing dina sapasang pasir neuhneur. Bari teu kalis tiseureuleu kana legok leueur. “Honey, you did an excellent job. Ulah kagok, béréskeun ogé Si Om. Geus horéam ngurus salaki stroke siga kitu. Ku Tanteu geus ditransperkeun da kana rekening you…” Sora awéwé. Sora haroshos tina heumpikan sisimbar dada pikeun nu kasakitu kalina. “Okay, Tanteu…” Sora lalaki. Sora nu leuwih haroshos tina kekerep rangsadan. Dua raga. Motah. Beuki motah. Sataranjang birahi. Ngarénghapan rahuh wanci. Parfum malati. Nyaliara saparat sukma.*


Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya