Anggota Déwan Manten
“EUM, aya ku kaleresan, urang tepang di dieu. Ieu Si Ayi, aya ku pangling. Pun engkang mah ras émut waktos urang kapungkur janten anggota déwan. Seueur panineunganana nya, Ayi? Éstu jongjon jaman urang mah, da teu acan aya KPK, atuh rahayat gé tara seueur ceta. Ngatur anggaran sing rikip sareng lantip, tara dugi ka matak gareuwah. Éta geuning, Ayi, nu matak betah mah studi banding, utamina ka nagara deungeun. Heuheu, di dinya mah seueur pisan ... sssttt .... rusiah lalaki. Teu kedah salempang, asal dina waktosna mulang, oléh-oléhna ulah kirang ti dua koper.”
“Punten, Akang. Rupina Akang kasamaran atanapi lepat paningal. Bujeng-bujeng nga-DPR-an, abdi mah teu acan kantos martéy-martéy acan, da. Paling gé janten pangurus koperasi désa.”
“Oh, kitu? Punten atuh.”
“Dupi Akang taun sabaraha rubung-rubung di Senayan téh?”
“Jih, da teu acan kantos Akang gé.”
“Har, dupi éta saha atuh jongjon ngatur anggaran sareng ngiring bangsaning satuda-satudi banding anu seueur rusiah lalaki téa?”
“Nya, tangtosna ogé batur wé, anu jaman harita papada jeneng anggota déwan, anu rupina mah ayeuna tos jaranten manten.”*
Tatang Sumarsono - kisuta.com


