Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Samagaha di Laut Kidul

Senin, 29 Agustus 2016

UTAY geus puluhan taun pacabakanana kana nelayan di laut Kidul. Saha waé nu ngadengé lelewék laut pakidulan pasti maruringkak bulu punduk. Sajaba ti galurana nu sagedé-gedé gunung, apan kakoncara ku jin aranna Nyi Roro Kidul téa. Ti mimiti Palabuan Ratu, Parangtritis nepika wewengkon Jawa Wetan ogé saha nu teu bireuk ka éta aran. Éstuning cenah Nyi Roro téh selebriti di alam jin jeung manusa. Samalah ku sawaréh jalma mah unggal taun aya séba hulu munding & hajat laut. Dipupusti naker. Ménta kasalametan, kaberkahan, hayang diaping dijaring ku Nyi Ratu. Padahal ulama geus kurang kumaha mapagahan yén migawé kitu téh teu sapagodos jeung ajaran Islam. Musyrik hukumna—kaasup dosa gedé. Éh, tapi teu rongrét-rongrét loba nu pengkuh kana atikan karuhun baheula. Ninggang kana paribasa ‘Adat geus kakurung ku iga’. Gegebés. Bebekus. Majar cicing cenah ieu mah da ngamumulé budaya. Ajengan mah tong pipilueun.
Janari leutik Utay saparakanca ka laut. Langit cakueum jiga nu teu méré harepan ka bulan nu keur nyumput dina méga nu rada mendung. Béntang sakapeung ngariceupan. Angin ngageber. Bandéra parahu kékélébétan. Lampu patromak milu nganteur nu keur neangan kipayah—neangan lauk. Ombak pating jelegur neunggaran karang. Séah budahna ngalétakan suku Utay.
‘’Hurungkeun mesinna Mas!’’ Utay maréntah.
‘’Iya kiyé arep….’’ walon Mas Sakiran ku logat Jawa Ngapak.
Sanggeus parahu satékah polah nembragan galura anu ngagulung, mesin témpél Yamaha kasada. Sorana norékan ceuli. Sakiran jeung Utay angkleung-angkleungan ngajugjug tengah lautan. Haté Utay galécok kumaha carana munahan hutang ka warung nu geus ngagunung. Sedengkeun hasil ngajaring lauk apan teu bisa diandelkeun. Kadang hasilna mucekil ayakalana ogé beak keur meuli béngsin wungkul. Anak reuay parabaneun. Cicing ogé ngontrak di imah duduk jandéla.
Aya kana lima welas menitan parahu ngageuleuyeung dina sagara anu umpal-umpalan, mesin ngadadak pareum. Digojlég-gojlég deui ku Mas Sakiran ngan angger teu hirup waé.
‘’Kiyé kepriwé ya?’’Mas Sakiran bari rampang-reumpeung.
‘’Ulah sieun Mas. Ngado’a ka Alloh.’’ Utay ngagedékeun haté baturna anu can lancar basa Sundana. Jung cengkat milu nyetater éta mesin témpél.
Bulan purnama meleték. Kaluar tina panyumputanana. Jiga nu keur nyérangkeun éta dua insan anu keur kasusahan. Ombak beuki lila asa beuki ngajurungkunung. Mesin teu daék waé hirup.
‘’Nyi Roro Kidul pasti nesu……’’Sakiran bari nyekelan mesin témpél.
‘’Mas, istigfar!….Jin moal matak nyilakakeun ka manusa. Urang kudu percaya ka Gusti Alloh, Pangéran urang.’’ Utay mamatahan Sakiran bari ngoméan mesin sabisa-bisa.
‘’Deleng kaé bulan kayané anéh warnané.’’ Sakiran rét tanggah ka langit.
Bréh wé enya, bulan warnana nyemu beureum—ngahideungan—teu lila reup waé pareum. Kahalangan ku lalangsé buana manusa. Alam dunya téa.
‘’Éta samagaha Mas.’’
‘’Apa kaé samagaha?’’ Sakiran mencrong bari memener topina.
‘’Gerhana.’’ témbal Utay.
Dakdumadak laut ngaguruh badis nu rongkah ombakna. Dibarung ku angin anu ngagelebug. Cai laut nyéblokan minuhan parahu. Beuki oyag-oyagan. Utay babacaan dzikir sabisa-bisa. Sedengkeun Sakiran mah ménta tulung ka Nyi Roro Kidul sangkan disalametkeun tina bancang pakéwuh nu keur tumiba. Ti beulah kénca teu kanyahoan ngan…
Jelegur!!! Ombak nu aya kana dua méteran téh namplokeun parahu.
Utay jeung Sakiran tigujubar ka lautan. Sakiran roroésan.
‘’Tay…..Utay……! Jaluk tulung….jaluk tuluuuuuuuuuuuuung…..’’ Sakiran kacéot ku ombak. Teu lila les sorana leungit kateureuy ku galakna laut Kidul.
Utay culang-cileung bari ngojay. Panon peurih ku cai laut.
‘’Mas….Mas….Sakiraaaan….Sakiraaaan!’’ Utay cocorowokan bari angkleung-angkleungan dina ombak.
Biwirna gegerenyeman ngado’a ka Alloh SWT jeung pasrah kana taqdir. Utay kabulusan. Geus teu bisa ngojay deui. Sungutna geus karasa kelang nginuman cilaut anu asin. Les manéhna teu inget di bumi alam.
***
BRAY Utay beunta, gebeg manéhna ngarénjag sataker kebek. Awakna naha geus aya di sisi basisir. Naha saha nu nulungan manéhna ka darat. Ombak atawa lauk lumba-lumba?
‘’Alhamdulillah, duh Gusti Nu Maha Suci….Abdi masih kénéh dipasihan kasempetan hirup. Dugika iraha ogé, abdi moal gedag kalinduan. Moal ngijing sila. Moal béngkok sembah. Yakin pisan yén Allah SWT téh Pangéran abdi. Moal percaya ka jin nu aranna Nyi Roro Kidul. Pancegkeun abdi dina kaIslaman dugi ka maot. Laa ilaaha illalloh, Muhammadarrosuulalloh.’’ Utay bari tanggah ka langit. Jung manéhna cengkat rék bébéja ka baladna yén parahuna kérem jeung Mas Sakiran geus lapur dilegleg laut.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya