Dina Hiji Peuting
DI warung kopi, cara sasari. Teuing kumaha mimitina, kuring ujug-ujug ngalamun hayang jadi jalma beunghar saalam dunya. Tara-tara. Padahal mah ti baheula gé dipahing pisan ngalamun beunghar téh keur kamus kuring mah. Kesel tuda nénjokeun barudak pengamén nu keur paudag-udag jeung angkot. Atawa ibu-ibu nu keur ngagandong orok séwaanana bari mamawa elap kanébo butut keur meresihan kaca sepion mobil. Dina éta lamunan, kuring bisa méré duit ka maranéhna unggal poé. Suka bungah pisan katempona téh. Tangka nyembah-nyembah ka kuring bakating ku nganuhunkeun. Maranéhna baralik ka imahna. Marekel duit nu cukup. Kitu jeung kitu wé saban poé, saban peuting. Atuh lampu setopan gé jadi teu bala teuing ku marananéhna.
“Hoyah...Si Babéh ngalamun!” Si Bedul ngagareuwahkeun. “Ieu Béh, ngan meunang sakieu. Sepi ayeuna mah,” bari ngasongkeun duit setoran ngamén.
“Awas siah mun isukan teu pul mayarna!” cekéng bari molotot. Manéhna ngahormat siga ka pembina upacara.
“Siap, Béh. Laksanakan!”*
Rudi Riadi - kisuta.com


