Bioskop
GELUNG jucung. Samping jantur nengahan bitis nu umyang, deungdeuleueun. Ngélék boboko, ngajingjing émbér kaléng muru tampian. Geus nyampak aya limaanana. Mojang désa wanci haneut moyan. Anih anteng ngagiles tuluy ngagebot dina batu lémpar handapeun pancuran. Gigireun nu keur silanglang ngumbah rambut nu ngarumbay. Panangan ngusey ngasay salira ku daun sélong.
"Beu, nu kabeurangan," Anih ngabagéakeun nu anyar datang. Ditembal ku imut. Cag boboko jeung émbér diécagkeun. Aub ngariung jeung nu tiluan, nunggu giliran bari gogonjakan saruka seuri. Lalampahan diajak nyaba, tumpak kahar nu kudana ngadat atawa pangalaman ngabungbang jadi jejer carita. Diselang ku kawih nu gahar kayaning, "... dengkleung déngdék buah kopi raranggeuyan, mingkeun anu déwék ulah pati diheureuyan." Patémbalan, dina bangku awi handapeun caringin kahot anu janggotan. Gambar hirup bihari, diputer deui kiwari. Tungtunan tina tongtonan.*
Entjep Sunardhi - kisuta.com


