Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Cinderélla

Jumat, 2 September 2016

"ÉLA... ieu piring can dikumbahan," Abu kadéngé gegeroan ti dapur.
"Éla... sakalian pangnaheurkeun cai. Kabeurangan yeuh," Euceu, lanceuk nu panggedéna, ngajorowok ti kamarna.

"Ari si Éla. Ngalamun meureun nya manéh mah. Ieu baju nepi ka bolong kieu," Étéh, lanceuk nu kadua, gegelendeng.
Ampir unggal poé jiga kitu. Lumpat ka ditu, beretek ka dieu, nyumponan panitah indung jeung lanceuk sampeuran. Lain teu capé, kapaksa, itung-itung nitipkeun diri ti saprak Apa tilar.
"Abu, tempo ieu béwara ti Istana. Rék aya pésta cenah," ceuk Euceu tadi beurang.
"Enya, Abu. Kabéh diondang. Pan Pangéran rék néangan calon ratu," témbal Étéh. "Urang kudu dangdan sing geulis. Sugan wé kapilih."
"Heueuh sok da gareulis anak Abu mah."
"Si Éla kumaha?" tanya Euceu jiga nu hariwang. Sieuneun kuring diajak meureun.
"Lah tong diajak budak kucel kitu mah," témpas Étéh. "Ngérakeun."
"Nya keun wé sina tunggu imah."
Kuring ngadedempés ngadédéngékeun. Nalangsa kabina-bina. Tungtungna mah gilig na haté. Moal bisa maranéhanana nganyenyeri jiga kieu deui.
"Motif dan modus pembunuhannya apa, Pak?"
"Tampaknya pelaku mengalami halusinasi. Karena terus membicarakan undangan dari pangeran. Dan menganggap ibu dan kakaknya menghalanginya untuk hadir. Dia memasukkan racun tikus ke dalam makanan ibu dan saudaranya."***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya