Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Bonéka Si Mamang

Jumat, 2 September 2016

WANCI balébat. Di hiji taman anu kacida éndahna. Si Nyai keur anteng nyonyoo bonéka . Dirariung ku barudak anu rupa-rupa pakulitanana. “Nyai, cik uing nginjeum bonéka téh. Meni lalacu kitu, nya, euy?” ceuk Si Lestreng. Bari ngalieuk ka baturna. “Enya, asa hayang Jadi bonéka uingah!” ceuk Si Pétét. Si Nyai lewa-lewé. Barang keur kitu. Rieg. Dumadakan bumi génjlong. Gajleng. Aya jelema jangkung badag. Sakilat ngarawu Si Nyai. Si Lestreng jeung baturna tingpuringis. Beungeutna sarepa. “Héy! Montong ngaganggu Si Nyai siah!” pokna. Bari kekerot. “Hahaha...! Lamun resep ka ieu boneka! Maranéh ayeuna kénéh baris dicipta jadi bonéka. Puaaah! Anéh bin ajaib. Sekedét nétra. Si Lestreng katut baladna jaradi bonéka galedé. Sarihungan. Tingarégag muru lemburna séwang-séwangan. “Ih, Si Mamang jagoan!” ceuk Si Nyai. Bari nangkeup. Semu ogo. “Mamang Sam téa atuh...!” témbalna. Bari nyakakak. Ti harita bonéka ciptaan Si Mamang. Ngagalaksak. Ti mangsa ka mangsa.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya