Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Anaking

Sabtu, 3 September 2016

HAREUPEUN eunteung. Beungeut lawasna némbongan deui. Beungeut nu saulas jeung karadak impian. Sanggeus lambaran gambar kakelar dideres ku rarangsak rasa. “Tadi peuting, Ujang panggih deui jeung Ema dina impian...” Sora anakna. Sora haroshos tina reregéh raga nu lana nyangsaya dina ranjang. Manéhna. Teu némbal. Beuki anteb neuteup beungeutna sorangan. Aya nu terus nurih jeung ngagerihan dina haténa. “Ema cenah rék datang méré suku keur Ujang...” Manéhna. Angger ngabetem. Ngalangkang deui ringkang nu kungsi kapicangcam. Aya nu terus ngagelek dina tikorona. Teu lila. Ledak wedak. Las lipstik. Maskara. Disusul rupaning warna mulas beungeutna. Rap kana kutang jeung baju pungsatna. Laju lalaunan napelkeun banda kameumeutna. Nilam calana jero pulas kasumba. Dipungkas ku stocking. Selop. Parfum. Katut wig nu ngarumbay lenggik cangkéngna. “Apa, cing panggih nya néangan Ema téh. Béjakeun, Ujang sono kituh...” Manéhna. Ukur unggeuk. Teuteupna kandeg dina sapasang suku nu buntung. Léngkahna kebat. Nembus petengna peuting.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya