Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Teuing
Sabtu, 3 September 2016
GEUS lila gé tara kikituan téh. Teuing ti semet iraha-irahana mah. Poho deui.
Sabenerna mah lain teu hayang. Inget baé rasana gé jiga kumaha. Tuh nya!
Ayeuna gé ngadadak surser, jol ngadadak hayang. Da jigana mah moal aya
kabosen kanu kitu mah. Ngan nya geus kuduna kitu baé. Tungtungna mah
tara sok dipikiran ieuh. Najan dina hayangna gé, tara ieuh maksakeun.
Ditatahan baé. Teu cara batur, nu sok mindeng ngabélaan jarajan di luar.
Bari jeung anggeusna téh sok barébéja, sirikna jiga nu ngabibita.
Osok éta ngarajakan mah, ukur diwalon bari seuri.
"Ah, paling gé da kitu-kitu kénéh," cékéng, ngabubungah sorangan.
"Naon kitu kang?" nu gigireun nanya.
"Taeun!"*
Is Tuning - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


