Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ujang

Senin, 5 September 2016

“DASAR bebegig sia mah! Anak ajag! Goblog! Ngala ka cetuk sia!” Nyeri... téh haté Ujang dikitukeun ku tukang rakit, pédah meuntas teu mayar. Jeung sulingna katincak nepi ka remuk. Tapi ah, keun baé da teu matak bohak ieuh. Jamak sakitu mah. Ujang ngagerentes, ceg deui kana émbér. Urat dina pigeulang leungeunna ranteng. Tuurna ngeleper. “Mun hayang duit, eusian gentongna sing nepi ka pinuh!” ceuk Mang Sahri. Ujang ngarénghap. Nyusut késang tina tarangna. Ras ka adina nu gering panas. Keukeuh hayangeun tumpak korsél. Ngarenghik ka indungna nu teu walakaya, lumpuh geus sataun. “Apan kudu ku duit, Nyai! Urang mah teu boga sisir potong-potong acan,” ceuk indungna. Sumanget Ujang ngagedur. Ayeuna kudu mawa duit, da ladang ngajual seureuh mah can cukup. Beungeut adina ngolébat deui. “Nyai, jadi tumpak korsél téh.” Ti parapatan kénéh Ujang lumpat. Mawa haté nu bungangang. Anjog ka buruan, Ujang ngaregog. Sora indungna keur nginghak. Barang bus, Ujang ngagoak.*

Rini Mayasari - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya