Ranté
BEUREUM. Konéng. Héjo deui. Warnaning wanci nu lana disungsi. Di parapatan nu leuseuh dihurup réwu bangbaluh. Saniskara lampah horéng isarah saru nu tacan kapaluruh. Hégak diguar tina pangwelas nu haat numbukeun hirup. Saban-saban rénghap beurang. Saban raga ngaderes poé ku garajag késang sorangan. “Apa, Si Omén moal balik deui?” Anakna. Melong celong. Ukur kedal rahuh. Rét. Ka peuntas béh ditu. Ngalangkang lalakon kamari. Di dinya. Monyétna péjrél kagéléng. Sanggeus ulur ranté panyangcang elat dikenyang. “Apa, Si Omén bakal nyusul Ema?” Ngolébat ringkang nu dipicangcam. Ngabetem. Lampu beureum. Leungeunna kalah rikat nakol dogdog jeung kecrék. Tapi teuing mirig rigig saha. Taya sawér kencring nu biasa mairan. “Apa, Ujang hayang panggih jeung Ema, jeung Si Omén ogé...” Angger ngabetem. Deui-deui ringkang kokolébatan. Kusiwel. Ranté lamokot getih garing. Diranggeum pageuh. Laju dibeulitkeun kana beuheung. Gap. Dudukuy samak. “Takol dogdog jeung kecrékna, Jang...!” Anakna. Colohok. Manéhna. Nyéréngéh. Ngarampayak. “Omén mau ke pasar...!” Sorana. Ngaweuhan dayeuh.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


