Nyai Gonjing
TI leuleutik ditiupan. Sina peurih, ngisat diri. Matigeni. Guguru ka ditu ka dieu. Ngasah raga, rasa, sora, rupa. Diancokeun. Jadi Sripanggung kawentar.
“Kapan abdi gaduh suweng naha henteu dipongpokkan. Kapan abdi keur baluweng naha henteu dilongokkan.” Koléar, haleuang Nyai Gonjing. Niruk simpéna peuting. Géol, gitek, diumbar. Nu lalajo beuki moho. Moyég. Harja, nu boga hajat. Sugema. Kelepus. Dayagdag. Rénghap-ranjug nempo gunung sakembaran, eundeur. Ngintip tina kabaya brukat pulas beureum cabé. Baranyay. “Katéwak, siah!” Gerendengna.
Taya waktu suwung kalarung. Nyai, jadi bobotoh. Teuing sabaraha ratusanréwu jelema. Kajiret rérét, kelét pamélét.
“Pakarang séjén geus cukup! Tinggal ngolah lisan, ngolah kecap. Tong poho, reumbeuy ku ungkara ngalagena! Kari sajeungkal deui. Taun hareup makalangan. Nyai Gonjing kudu gonjléng, geunjleung. Laju gonjrang!” Dalang Harja peupeuleukeuk.
Luhureun panggung. Gumagah. Langit dumadak angkeub. Hiuk. Gelebug. Angin puyuh lilimbungan. Museur lir ulekan. Kateleg. Gelungna, udar. Cawigwig. Samping nyingsat. Kabaya bedah. Ngaléléké. Burakrakan. Nyai Gonjing, mindahrupa. Badis bebegig.*
Nena Cunara - kisuta.com


