Sastra & Humor
Sajak
Samagaha
Jumat, 9 September 2016
Samagaha, Kaulanun.
Ieu jisim katambias
Ngatog dina mongkléngna peteng.
Gupay-gapay. Mapay cahaya Salira.
Ukur belis jeung barayana nu rajeg sapanjang jalan.
Ragég
nanawarkeun ééndah peuting
nu ririaban dina saban seuseukeut rindat.
Merebot nu awong-awongan ti suhunan masigit,
kasilep ku haréwos halon biwir alkohol nu ambucuy baseuh.
Hibar salira, Kaulanun, duka nyumput di mana.
Ukur gupay panghiap
nu pating gurilap tina awak-awak bulucun
nu andekak dina kongkolak.
Ieu soca, Kaulanun, beueus ku kakeueung.
Lamur.
Teu awas maca lemah tincakeun.
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


