Ranjang
GEUS mangpirang taun, kuring cicing di ieu kamer. Tatu urut roko, raca tapak kuku, pon kitu deui corétan-corétan sepidol nu dituliskeun ku dunungan geus minuhan awak. Ratusan sémah turun unggah. Kaluar-asup ka ieu kamer. Ti mimiti beungeut nu barangasan, nepi ka awak nu budayut. Bau awak koruptor, pajabat, rampog, nepi ka supir treuk kuring apal. Teu hésé ngabédakeunana. Tapi, naha peuting ieu mah sémah nu dibawa ku dunungan teh asa béda ti sasari? Dedegan nepi ka bauna asa can kungsi manggih. Kadéngé dunungan ngomong ngahiap-hiap sémahna, "Palih dieu atuh, Kang!" Lalaunan éta jalma teh ngadeukeutan kuring. Bener, béda ieu mah ambeuna ogé, teu bau bako atawa arak, jiga umumna lalaki nu sok ngalanto ka ieu kamer. Kalacat, manéhna unggah. Hégakna nu teu biasa. Rieg... Rieg... Awak kuring inggeung, dibarengan ku hégak semah nu ahéng. Teu lila, kadéngé sora halon naker tina biwirna, "Astagfirullohhalazim..!"*
Meila Handayani - kisuta.com


