Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Sajak

Kuring

Sabtu, 10 September 2016

gamparan ieu juring, rumasa atah anjang,
sanés jolédar, namung isin ngadeuheus ka salira
rumaos tuna pangarti nyorang laut kahirupan
nu séah ombakna tingjelegur di basisir.


gamparan ieu kuring, nu kapoékan taya damar
pikeun mulang. Duh isin kacida diangken linggih
ku salira, ulubiung na ieu pasamoan. Isin,
sab kurungan katut tangtungan kuring lamokot


ku leutak kahirupan. Gamparan nu welas asih,
kuring teu wasa paadu soca sareng salira dina ieu
pasamoan. Rumasa ukur cimata nu lancar cumarita,


sanggeus umur ngalakay, tur waruga taya kendatna
dideres pajaratan. (Luhureun munara, bulan tumanggal
widadari tingkalayang di mumunggang langit alif)


2005


Soni Farid Maulana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya