Berkah tina Musibah
MAMA Sastra aya di Dayeuh. Geus saminggu. Diangkir ku Cép Oléh, muridna. Bosen. Maksa balik. Embung dianteurkeun. Di jalan Ahmad Yani nu mudun, budak awéwé keur sasapédahan. Teu kanyahoan, ti tukang aya béca ngebut. Jegér, sapédah katabrak béca. Budak ngacleng ka tengah jalan. Leungeun budak potong. Breg, masyarakat daratang. Tukang béca rék diteunggeulan. Dicarék ku Mama Sastra. Indung budak kaluar ti toko. Rawah-riwih ceurik. “Bawa ka rumah sakit,” cenah. Mama Sastra nyarék. “Keun urang jiad.” Leungeun nu potong, diurut, dibebener. “Puah, geus cageur mah damang. Jung ulin deui Néng!” Budak lumpat, nyokot sapédah. Geuleuyeung sasapédahan deui. Indung budak lumpat ka toko. Kaluar deui. “Nuhun Mama, hatur lumayan kanggo ongkos béca!” Song, ngasongkeun amplop. “Jang, anteurkeun Mama ka stasion.” Ngagupay tukang béca. Anjog ka stasion, amplop dibikeun. “Keur Ujang.” Tukang béca muka amplop. “Mama, ieu mah ageung teuing atuh!” “Teu nanaon, milik Ujang éta mah.” Kudupruk, tukang béca sujud syukur.*
Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


