Na Sagelas Cikopi
"NI teu aya kabar..." inbok kuring ka manéhna. Ampir dua jam nyanghareupan monitor neuteup poto manéhna bari anteng nungguan balesan. Nu dikirim inbok teu méré balesan. "Suwung." gerentés haté. Léos ka dapur, ninyuh cikopi gék deui hareupeun monitor. "Ih, teu ngabales waé... Nyaho sono!" mimiti kukulutus bari ngocékkeun cikopi. Rét, deui kana poto nu ngajeblag na layar monitor. Imutna bangun nu ngagupayan. Gep, kana séndok laju ngulinkeun cikopi. Beuki lila ngocékkeun,cikopi beuki muih teu katahan. Lamunan kakalayangan, tuluy ancrub kana jero gelas, napak na gegedohna. Mongkléng, siga harepan kuring ka manéhna. Laun-laun béngras, ngajirim rupa maéhna. Kuring asup kana ragana, ngaguratkeun hiji ngaran na haténa, lalayaran dina kamalir getihna ngamuara na jajantungna. Tina ketug jajantungna, kuring nyulusup kana sél-sél uteukna nyecebkeun na ingetannana sangkan ngan aya hiji ngaran nu ngageugeuh alam imajinasina, ngaran kuring. Byur! Cikopi manjur ngahudang lamunan.*
Bunda Unie - kisuta.com


