Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Walimatussableng

Senin, 12 September 2016

KOROPAK satangtung nampeu hareupeun tamu ondangan. Ngaréndéng jeung podieum nu pinuh ku rékorder. Pok panumbu catur. "Sumangga urang regepkeun sambutan saébulbét!"
Wartawan saribuk. Hadirin kaleprok. Reueus nyakséni wakilna. Gagah. Awak ngabinaragawan. Jangkung badag. Tarangna ditatto kalajengking. Lambang partéyna. Pikasieuneun mémang. Tapi balabah. Komo usum kompanyeu mah.
Ma'lum jawara. Togmol. "Hadirin. Nuhun dukunganana. Nurutkeun quick count kuring laksana. Sing inget! Jalan, masigit, sidkoh subuh, jeung parasman tadi, kabéh maké modal. Wayahna ieu koropak eusian. Nu teu mawa ayeuna, meunang isukan. Nu baha, ulah sambat kaniaya!"
Hadirin rungah-ringeuh. Komo basa Mama Ajengan Adul negeskeun mah.
"Mama tanggung jawab dunya ahérat. Agama mertélakeun. Kudu to'at ka pamingpin. Sing saha nu teu ngawaro, inguan Mama Si Astahiam bagéanana. Bedug pasti metet!"
Asa dilejokeun. Tingharuleng. Keur aranteng di sajeroning kabingung, solongkrong Nini Uti. Tokroh-tokroh.
"Gan, mung gaduh dua rebu ladang ngundeur."
Teu gugur teu angin. Bedug ujug-ujug ngadurugdug. Bareng jeung leungitna Nini Uti.*

Dadah Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya