Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Carpon

Ngungkurahan

Rabu, 14 September 2016

MANG ENJON geus lila diincer ku pamuda Cisontrol. Sok mindeng kaparengkeun balawiri blas-blus asup ka imah Bi Uum. Randa béngsrat nu karék ditinggal maot ku salaki dua bulan ka tukang. Peuting jempling réhé combrék. Sora jangkrik ngikrik sisi sawah. Onaman bancét mah pasenggak-senggak jeung baturna. Hawa taneuh nyelengseng kaémrat ku cihujan. Sasatna euweuh saurang ogé anu ngulampreng. Sasarina mah sok aya motor-motor waé mah nu ka tonggohkeun arah jalan ka Batu Lawang. Nu ngaronda si Bilung, si Hayam, si Mukong jeung si Salé nguliwed nyérangkeun dedegan Mang Enjon.

‘’Antepkeun heula euy. Montong digareuwahkeun. Keun titah seubeuheun heula.’’ Mukong ngomando bari jeung rancung ceulina ngadédéngékeun.
‘’His…Tong gandéng teuing sia téh. Bisi kajebireun.’’ Si Hayam ngagebés bari ngantelkeun curuk kana biwirna.
Bari ngadedempés dina dapuran tangkal tarigu. Rentang-rentang Mang Enjon katénjo belegbegna. Ngalanto ka pipir imah Nyi randa. Sajongjongan mah culang-cileung. Laju keketrok lalaunan kana jandéla. Jiga nu geus paheut jangji. Rekét dibuka. Kelemeng-kelemeng katempo manéhna unggah. Blug jandéla lalaunan ditutupkeun. Saréréa ogé surti naon nu dilakukeun di jero.
Teu lila aya belegbeg hideung leumpangna ngagedig ka lebah jandéla. Awakna jangkung badag badis pangawak anggota kaamanan jigana mah.
‘’Goblooog….Kuat ka digilir kitu! Loba nu maké Bi Uum téh geuning. Dasar séngséong lieur! Ké….ké…ké… Saha nya éta jalma?’’ Mukong ngaharéwos.
‘’Teuing euy asa teu wawuh.’’ Si Salé mairan.
‘’Hayu suang gerebeg waé ayeuna lah! Tuman! Ngérakeun lembur.’’ Si Bilung bati kekerot.
Mang Enjon kaluar ngagajleng tina jandéla. Bari kadéngé gunem catur ka jalma nu anyar datang.
‘’Pék wéh bilih badé ngungkurahan mah. Heuheuy….’’ Mang Enjon nyikikik sorana.
‘’Monyet siah! Gancang geura balik! Bisi digalindeng ku pamajikan geura.’’ Ceuk éta dedegan bari teu maliré Mang Enjon nu keur memener calanana. Enjon semu ngahéot leumpang ngungkug.
‘’Hoyaaah siah!’’ Ronda nu opatan ngagorowok.
Mokaha Mang Enjon tatag. Geumpeur. Berengbeng lumpat ka lebak. Sukuna dikaél ku Si Mukong.
Gedebut!
"Ieuuuung…" Mang Enjon humaregung.
Ngadéngé kaributan di luar imah, gajleng jalma nu jangkung badag téh kaluar tina jandéla. Si Bilung nu ti tatadi taki-taki nyekel bata langsung diheumbatkeun kana tarang éta dedegan.
Jelebet!
‘’Adaaaaw….!!’’ Ceuk éta jalma bari nungkupan beungeutna. Teu lila ngalenggerek kapiuhan. Bi Uum rawah-riwih bari ngaringkeb manéh.
Nu opatan ngaliud. Barang disidik-sidik maranéhna pating palencrong. Si Hayam nyekés-nyekéskeun korék api.
‘’Goblog….!!! Geuning dunungan urang?’’
Sihoréng Pa Yanto, bos kai galugu.
‘’Moal pieun dipecat urang kabéhan. Menggeus urang baralik waé.’’ Si Mukong bari satengah lumpat mangprét ka imahna.
Isukna Bi Uum diusir ku warga ti éta wewengkon sabab geus nyieun codéka. Ngageugeuleuhan lembur ku ngalakukeun lacur jeung saha waé. Mang Enjon jeung Pa Yanto ogé sarua diurak. Samalah digebloskeun heula ka kantor pulisi alatan ngotoran aran Desa Cisontrol. Prostitusi téh geus jadi panyakit masyarakat nu hésé diubaranana.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya