Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Dracula Untold

Kamis, 15 September 2016

KOLÉANG. Ragrag kana gundukan batu pisan. Rénghapna kari hiji dua. "Geura uyup getih kuring, Vlad. Meungpeung aya kénéh waktu...." Rét kana pangbijilan matapoé. Vlad sabil. Antara nohonan kahayang Miréna jeung akibat nu bakal karandapan ku manéhna.
"Hampura uing, Geulis. Demi Ingeras, anak urang." Beuheung jadi sasaran. Sihung nyasaak. Getih diuyup lir nu hanaang mangtaun-taun.
Sorot panon jadi beureum. Dua leungeun diangkat. Digupay-gupay. Mega hideung ngalimpudan. Matapoé nu karék bijil katutupan.
"Tungguan wawales ti aing, Méhmét!" Nangtung, tuluy ngabelesur ngapung. Vlad robah jadi rèwuan lalay hideung.
Getih di mamana. Manglaksa pasukan ti nagri Turk, perlaya.
"Ingeras, anaking. Ayeuna geus moal aya nu ngaganggu deui hidep...." Leungeun digupaykeun deui. Méga hideung nyalingray. Matapoé ngarerab. Sakujur awak Vlad lééh dibarengan ku goak nu jadi anak.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya