Carpe Diem
HARITA. Kuring keur inget, teu weléh inget. Januari nu mawa angin humiliwir. Nyecep satulang sandi. "Carpe diem, quam minimum credula postero". Dikotrétkeun na angen-angen. Basa cunggelik na rohang pasagi ukuran tilu kali tilu. Tengah peuting. Dibaturan ku jam dinding nu tuk-tek jarumna lir antaréna ketug jajantung. Cicing dina angka dua belas. Simpé, ngan sora cai nu nyurulung tina keran wastafel nu poho ditutupkeun.
"Kahayang mah kudu diudag, Sujang!" Suanten Pa Aki, ngéngkréng deui. Kapireng ogé suanten Abah, nu halon. "Hirup téh teu salawasna runtut jeung harepan, kasép." Hanjakal ungkara-ungkara kandeg, ngabelegbeg. Kasilih ku nu kumalangkang na remeng-remeng bulan ngelemeng. Ngaririwaan. Sorot panonna pinuh ku mangpirang isarah panungtungan. Kuring ukur bisa ngagerentes, "Pileuleuyan Asih..."
Satutasna ti harita, kuring tuluy nyileuk dina rohang pasagi nu lian, teuing geus sawatara lila. Mongkléng.*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com


