Di Lebah Jasinga
BARI nyényéréd layonna, Sangkuriang rawah-riwih nananyakeun dirina ka sakur nu pasaranggrok di jalan. Tangtu baé euweuh nu mairan, puguh kabéh gé keur kaleungitan, keur néangan séwang-séwangan. Sanajan, sawaréh mah teu ieuh ribut, ukur disidem di jero imut, cikopi jeung haseup dijieun simbut. Api-api geus manggih atawa mémang heunteu néangan pisan, ukur ngadagoan, susuganan datang sorangan, ngerelepkeun manéh di luhur ranjang nu terus oyag-oyagan. Jauh tangéh jeung barudak, nu teu eureun éar-éaran, ngadon ngarocétan tembok ku mangpirang-pirang gambar écéng jeung harepan.
Kacaritakeun nepi ka lebah Jasinga, aya adan ngagorowok, Sangkuriang pangangguran milu ngantri. Sibeungeut siga nu lian, ngajajar di tukangeun pangimbaran. Orokaya, palebah sujud, manéhna karah ngarasa nikmat, tepung panggih jeung dirina, méh baé teu daék cengkat. Tapi kangaranan solat, tangtuna teu di dinya tamat, saencan awéh salam kudu aya heula atahiyat. Nya di dieu kajadian ieu riwayat: Barang Sangkuriang cengkat, huluna teu daek ngangkat. Napel pageuh, ngagolér dina lebah pangsujudan.*
Maman Gantra - kisuta.com


