Kingkilaban
LANGIT angkeub nyimutan marcapada. Gunung Putri ngajentul ti béh Kulon. Ceuk kolot hiji mangsa bakal kawin jeung Gunung Binangun di tebéh Wétan. Kuring jeung Aki kuring gagancangan leumpang mapay-mapay galengan sawah nu cebrék. Harita tas
moro manuk sawah. Bari nyenyekel sumpit tina awi tamiang ukuran sadeupa satengah. Dina dudukuy ditanceban daun kanyére. Cenah ceuk Aki panolak kilat mun keur usum hujan. Ah, duka teuing da ceuk kolot kitu. Di sawah teu katempo jalma ngulampreng. Jigana mah geus ngarampih. Sora gugur pating guludug. Katempo ku kuring kingkilaban nyamberan. Jiga lampu blitz Kaméra Nikon. Pating baranyay, babarasatan jiga nu keur ambek ka sakaba-kaba. Sakapeung akaran jiga nu pecutkeun ku Malaikat. Angin nyéor. Paralak ger hujan ngagebrét. Kuring saawak-awak kuyumut.
Jelegér! Jelegér! Jelegér! Sora gelap ngaragragkeun jajantung. Meni asa dina luhureun embun-embunan.
‘’Subhanallohu ya kariim…’’ Ceuk Aki kuring bari ngungkug.
Kuring ngiclik ti tukangeunana. Asa dibeberik ku kilat. Usum ngijih tarik tuda. Anjog ka sisi lembur angin jiga nu dikaryakeun. Tangkal kalapa endag-endagan. Plak-pluk régang jeung pangpung pating gedebut katembrag bayu anu rosa. Kaayaan beuki poék. Bari nungkupan sirah ku dampal leungeun bisi katinggang ku kalapa anu murag. Cileuncang ngeyemeng. Solokan geus pinuh ku cai. Éta lembur Mulyasari téh meni simpé. Euweuh nu réhé.
Jelegur! Jelegur! Sora kilat handaruan meupeuskeun kekendangan ceuli.
Reg aki kuring ngarandeg. Bari hong adzan. Réngsé ngado’a sabisa-bisa leumpang deui muru ka imah. Panto tukang diketrokan kasampak mini maké mukena pulas beureum ati.
‘’Buru asup Ang! Di luar aya angin puyuh.’’ Nini kuring deudeupeun.
Cai tina paralon ngagarajag. Hujan téh badis nu dicurulungkeun ti langit. Angin beuki nyéor. Aya nu pating paralak kana suhunan. Tampolana lalangit imah cluk-clak ku cai. Rembes asbésna. Jigana aya kenténg anu bocor.
‘’Naon nya nu pating paralak manéhna?’’ Nini mencrong ka aki nu keur ngalaanan baju anu cipruk.
‘’Jigana mah hujan és.’’ Témpasna.
Kuring ngudaran pakéan anu baseuh. Bari dibulen ku anduk cingogo hareupeun hawu anu hurung kénéh seuneuna. Karasa awak meni ngahodhod kabulusan. Bari suruput nguyup cai entéh dina emuk.
***
ISUKNA lembur guyur. Éar ka saban madhab. Majar Nini Ruwi pamajikan Aki Ja’un leungit. Teu balik-balik ka imah ti kamari soré. Jalma pada ngarogrog. Pating gelentem. Kolot budak tamplok hayang mireungkeun naon nu karandapan ku éta nini-nini tengah tuwuh.
‘’Saha nu kungsi panggih jeung Nini Ruwi kamari soré?’’ Jang Uung nu jadi RT nanya ka saban warga.
Nu aya garideug bari silih pencrong. Keur kitu celengkeung aya nu ngomong.
‘’Kamari mah kungsi nempo keur nonggéng ngarambét sisi Besotan. Digeroan dititah balik bisi kabereg hujan, cenah kagok hanca gawé.’’ Bi Uwas cumarita basa manéhna ngawénéhan Nini Ruwi.
‘’Lamun kitu mah hayu urang téang ka Besotan.’’ RT mairan.
Besotan téh hiji saluran irigasi nu harieum ku tatangkalan sabangsaning peuteuy sélong jeung tangkal lajak. Dina tanggulna pinuh ku jukut riut. Éta besotan téh meulah sawah. Pernahna tengah-tengah antara lembur Leuweung Kolot jeung Kedung Banténg. Bring hampir kabéh jalma salembur nyucruk ka Besotan. Dina kotakan kaciri aya waruga anu keur nyangkorah. Sirilik Aki Ja’un nyampeurkeun. Ancrub kana kotakan bari ngagebig-gebig pamajikanana. Kasampak sirah pamajikanan geus geseng—renghat—aya getih nu ngaley geus rada garing.
‘’Ruwiiiiiiiiiiiiiiiiiiiii……" Aki Ja’un auk-aukan ceurik bari ngarangkul pamajikanana nu geus palastra.
‘’Geus Bah. Hayu urang bawa ieu layon ka lembur.’’ Nu séjén ngalelemu Aki Ja’un.
Tayohna, Nini Ruwi kabéntar ku gelap. Aki Ja’un kamari ogé tas ti Cirapuan ngalaan hurang keur jualeun. Jadi teu apal dimana pamajikanana. Layon téh digarotong ka lembur Mulyasari. Kingkilaban nu mawa kasedih keur urang kampung. Tisaprak harita, mun usum guludug langka aya jalma nu utrak-atrok ka tegal sawah. Bangbaungeun bisi meunang nasib jiga anu karandapan ku Nini Ruwi.***


