Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Néng

Sabtu, 17 September 2016

AMBEK. Ngarasa disapirakeun. “Salila ieu, aing ukur dimanfaatkeun!” Haté ngagerentes. Sora sada HP teu dipaliré. “Cukup, nepi dieu waé! Aing kudu bisa leupas tina pangaruhna.” Unggal poé, sakeupeul daging terus diturihan. Teu dirasa. Pura-pura teu karasa. Hirup asa jadi rorongkong. Geus euweuh jiwaan. Poé ganti bulan, bulan ganti taun. Sakeupeul daging geus buruk. Nanahan.
Di hiji tempat. Dina risbang rumah sakit. Kabel pasuranteng dina awakna. “Aa, hampura, Néng!” Sora nu sarua, ngagerentes. Awakna tinggal kulit jeung tulang. Unggal poé cuci darah alatan panyakitna. Aya cimata nu ngamalir dina pipina.
Sataun geus kalarung. Hiji awéwé keur nyeungceurikan kertas nu dicepengna. “Néng, Aa teu tiasa leupas tina pangaruh ieu rasa. Mugia, Aa tiasa ngahiji ti mimiti ayeuna.” Manehna ngusap urut operasianna. “Enya, Aa ayeuna geus ngahiji jeung Néng..."*

Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya