Nu Hudang Karana Impian
NYAH beunta. Lalaunan hudang. Laju diuk nyanda kana dipan butut. Tempatna papasarah salila dua bulan.
Nu ngarubung-rubung reuwas. Pikiranna teu ngartieun. Jalma sahos-hoseun, dumadak nguniang.
Dua bulan kalarung. Ki Ustad nu tara daék nampa amplop satutasna ngahotiban atawa rutinan, sehat deui. Usaha deui. Dagang hayam dina karamba.
"Mésérna gé lima puluh rébu. Mangga langkungan. Sabaraha wé."
"Manawi mung gaduh opat puluh rébu. Nu teu damang di rorompok keukeuh hoyong bakakak. Paralun. Sieun pondok umur."
Teu panjang catur. Song hayam dibikeun.
Kana hayam tara batian. Kana naon wae sumawonna. Ki Ustad panceg dina kamiskinanana, ceuk panon. Anehna, taya saurang gé kulawargana, boh anak atawa pamajikanana, nyalahkeun dirina. Estu saroléh najan sarwa walurat,
Hiji mangsa di pangajian rutin. Ki Ustad ditalék ibu-ibu. "Ustad, emut nuju teu damang repot? Naha tiasa dumadak gugah? Padahal harita nuju ditalkinan."
"Manawi abdi gé héran. Dina impénan aya nu nganggo jubah bodas ngusapan mastaka, teras nyuntik."*
Dadah Hidayat - kisuta.com


