Bagendit Unite
LANGIT lénglang leungiteun sosoca beurang. Nyawang peteng. Anteng. Dina rakit di situ Bagendit. Hayang teuing mautan ruruhit. Laju mukaan PR online tina android nu ti tadi di cecekel. Bray. Warta anyar. Dideres gemet naker. Lérés maca, awakna jug ngeleper, “kumaha pipikiranana ieu mangkeluk?” sorana gembér. “Da heueuh atuh, uing gé banget sebel. Ras, ka dapur. Rék ngagolakkeun cai gé, hésé! Puguh unggal warung, béakeun sasadiaan gas. Deeer, Nyai Endit nga-inbok, cenah anjeuna maca warta, pajar PLN rék nga-ékspor listrikna ka Malasyia” semu ngutruk. Keur kitu, cenah, manéhna nampa SMS, ti uing, “aya béja ti Nyi Endit? Ari di belah dinya sarua, geus hésé gas? Cikan, silaing ngumaha ka Perbu nu ngeréh Galuh, tuluy Ka Wiku ti Cibiru. Tanyakeun! Naha ayeuna waktuna ngarurug?” Éta sms cenah di forward ka Nyi Endit, nu harita gasik ngageuingkeun Rakéan Santang di mumunggang.*
Remi Sadkar - kisuta.com


