Popotongan
LOL nu dibaju konéng sahéab adumanis jeung hijab modis. Dikacamata hideung matak kalinglap. Gék diuk. Wéhwér, sagala didongéngkeun. Diselang ku mapagahan kudu kitu-kudu kieu.
“Omat pisan, Kakang. Si Adé mah kedah aya waé saos tomat. Si Tétéh mah paling lumpat kana ceplok endog.” Marahmay, hégar nambah sari manisna.
“Mamah nuju umroh tuda. Omat ulah disentakkan nyaa?” Ngarindat ditungtungan ku nyeukeukeuk.
“Sabaraha dinten di Singapur téh?” Tamba teu nanya. Meupeuskeun hareugeueun. Asa ku beuki luis. Gurilap matana, renyu biwirna. Naha karék kapanggih ayeuna, aya karang leutik dina gadona.
“Mung opat dinten. Business and Pleasure moment.” Teu pupuguh jol timburu. Nu baheula ukur didadaster. Ditiung padu buni, ayeuna mindarupa jadi sosialita. Ganti dangdanan, ganti kahirupan. Kaduhung…
Sanggeus dienyakeun sagala amanatna. Jung, manéhna nangtung. Rap kacamata.
“Salam kanggo Néng Adél, punten ngarérépot” Laju muka panto.
Asa hayang ngarangkul taktakna, tapi kaburu malik deui.
“Éh, hilap. Abdi nikah sasih payun…”*
Tiktik Rusyani - kisuta.com


