Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dongéng Trotoar

Minggu, 25 September 2016

LAIN kahayang, mun kuring andiprek di trotoar bari nyanghareupan bokor. Prah baé kawas batur kahayang mah. Kawas Pa Abdul, satpam bank nu cikénéh ngasupkeun duit kana bokor. Atawa Mas Jumono nu méméh sibuk mérésan roda basona, sok nyelang ngalongokan kuring. Dua jalma béda pakasaban nu remen méré sésa rejekina. Maranéhna salawasna didungakeun sing maju hirupna. Hanjakal dunga kuring téh teu nepi. Da geuning maranéhna téh asa beuki raripuh baé. Pa Abdul baheula mah sok kana motor, ayeuna mindeng ningali turun tina angkot. Mas Jumono dagangna beuki dieu beuki sepi baé. Ari kuring, nu maréré beuki loba. Teu nu duaan wungkul nu mayeng ngeusian bokor téh. Katambah deuih ku nu lalar liwat. Lain. Lain teu hayang kawas maranéhna. “Pah, saur padamel seménna kirang lima sak,” pamajikan nelepon ti lembur. “Enya, engké ditransfer,” témbal téh, méméh mulang ka kontrakan. Hapé geuwat dibebeskeun kana buntelan leutik.*

Rudi Riadi -kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya