Jurig Kacapi
ABAH Udin keur balaréa mah sok diapilainkeun. Sarieun diéclokan béas teu mulangkeun. Sajaba ti jalma sangsara, ogé pacabakanana ngan saukur tukang ngobor ténggék jeung néangan kakaranggé keur eupan manuk. Keur kuring mah nempo jalma ulah saukur tina kaayaanana nu tuna harta tuna pangabisa. Langka nu apal yén manéhna téh hiji Maéstro kacapi jeung piul (waditra musik mangrupa biola nu digésék ku surupan musik Sunda). Manéhna téh guru kacapi kuring. Manéhna pahatu lalis. Teu boga turunan. Aslina mah cenah ti Babakan. Tatangga lembur kuring. Pamajikana maot geus lila. Hirupna ngan koréh-koréh cok baé. Nepika kolot ogé teu boga pisan lemah keur panyicingan. Saung leutikna numbu milu cicing di kebon batur. Lamun kebonna dijual nya wayahna kudu ingkah. Kitu jeung kitu kahirupanana.
Sakuriling saungna digedég ku pager awi. Cicing nyangkéwok tukangeun imah Mang Lehin. Paeunteung-eunteung jeung Héleran Mang Aan. Sagédéngeun Riung Gunung. Hiji pasir pamisah lembur Batu Bodas jeung Sindangjaya. Wanci mangsa panonpoé geus lingsir ka Kulon. Kuring ngahaja ka imahna. Katingali gedég imah Abah Udin muka. Kuring uluk salam.
‘’Assalaamu alaikum, Bah...’’
‘’Alaikumsalaam, bagéa.’’ Sora aki-aki ti jero imah.
Rekét panto imahna dibuka. Kasampak aya aki-aki nu buukna gomplok kénéh. Sok sanajan geus salin warna jadi bodas. Awakna mah teu bongkok-bongkok acan. Kulitna katangar bersih ku ukuran kampung mah. Bari mamaké kolor hungkul. Awakna dibuligir da bayeungyang meureun. Ceuk taksiran kuring mah jigana umurna téh 70-an.
‘’Sareng saha nya?’’
‘’Asep, Bah. Putuna Golongan Kusman.’’
‘’Oh, mangga atuh ka lebet. Tapi kieu geuning saung Abah mah.’’
Kuring diuk dina palupuh tina awi hideung nu geus hérang balas didiukan. Kaangseu bau tai éntog handapeun pangkéngna. Ukuran imah téh kira-kira 3x4 méteran. Aya kastrol di tengah imahna nu geus hideung lestreng teu mangrupa. Di juruna aya sababaraha beungkeutan suluh jeung parabot; bedog, siwur, séndok, émbér, piring séng jeung emuk. Luhureun enggonna aya kacapi jeung piul.
‘’Badé aya naon Jang?’’
‘’Saur pa Ayan, Abah téh tiasa ngacapi?’’
‘’Ah, tiasa mah heunteu. Ngan reresepan waé. Tamba tiiseun.’’ Manéhna seuri bari ngojengkang ngarawél kacapi dina enggonna.
‘’Cobi Bah, kumaha cara nabeuhna? Abdi hoyong diajar ka Abah.’’
Teu talangké deui Abah Udin téh jiga nu ditanggap. Ramo-ramona geus capétang noélan senarna. Panonna peureum beunta ngararasakeun ngeunahna ngalagu nu dipirig ku kacapi. Wirahmana matak resep kadéngéna. Kuring harita kénéh langsung kataji.
‘’Kunaon ieu bolong gigirna Bah?’’ ceukkuring bari nuduhkeun aya liang korowok dina palebah beuteung kacapina.
‘’Éta téh kapungkur, basa Aki sok ngamén. Mun ngamén sok aya nu masihan kadaharan. Aya cau, aya papais, naon waé. Éta tempatna.’’
‘’Ari senarna tina naon Bah?’’
‘’Senarna mah tina kawat kupling.’’
‘’Kai naon ieu téh Bah?’’
‘’Ieu tina kai nangka. Nu matak sorana ngentrung. Kadé ulah dipoé. Bisi sumbang engkéna.’’
Indung leungeun jeung ramo si Abah lir nu geus ngahiji kana senar. Geus sawirahma. Tapis pisan mun numpak motor mah. Tisaprak harita kuring sok ngahajakeun diajar kacapi ka manéhna. Ku resepna, antukna éta kacapi téh dibeuli ku harga 5000 Rupiah tahun 1996-an. Kuring ogé harita téh sakola kakara SMU kelas dua. Teu sirikna unggal usik kuring ngacapi. Nyurupkeun wirahma nu geus diajarkeun. Katurug katutuh, Nini ogé cenah kungsi diajar ngacapi ti lanceukna. Aya Waleéan, aya Kasréng. Tuluy diulik. Nepika jempol jeung curuk téh karasa bareuh jeung sasanggaleun.
***
Gancangna carita, kuring téh micinta kacapi. Leuwih ahéng karasana tinimang gegedemrungan gigitaran. Katambah apan ari kacapi téh warisan karuhun urang Sunda Téteéa ceuli kuring mah leuwih midangdam kasenian Sunda. Genah karasana kana haté. Aya nu nyecep. Béda jeung alat musik impor nu loba dipikaresep ku barudak ngora. Kuring kaasupna mahiwal. Jigana aya getih seni tinu jadi indung. Apan indung ogé keur ngorana mah sok nyindén, ngigel Jaipongan, jeung ibing Penca. Samalah nepika kapanggil ka Kacamatan sagala. Manggung dina acara kariaan Nasional. Waktu asa nyérélék pisan, Abah Udin ngantunkeun tahun 2000-an basa kuring keur kuliah kénéh.
‘’Ang, Bah Udin maot.’’ Ceuk jenatna nini basa kuring ka lembur.
‘’Innalillahi wainna ilaihi roojiun. Gering naon Ma? Asana bulan kamari téh jagjag kénéh. Samalah kacapi Aang ménta distel ku manéhna.’’
‘’Teu gering heula puguh. Nyaho-nyaho maot wé. Aya nu manggihan sapoé rék maot, mamawa hayam jago. Ditanya ku tatanggana. Ari éta hayam kanggo naon Bah? Cenah jawabna peunciteun lamun Abah balik.’’ ceuk Nini.
‘’Karunya nya Abah Udin. Makaning can ngetrukeun élmuna kabéh ka Aang.’’ Kuring némpas.
‘’Hampura Ang, kacapi téh tara disimpen di imah. Ku Ema diteundeun di saung.’’ Nini jiga nu sanduk-sanduk. ‘’Bongan mun tengah peuting sada aya nu nabeuh.’’
‘’Ah maénya Ma? Kumaha kitu sorana?’’ Kuring curinghak.
‘’Enya jiga nu diulinkeun senarna.’’
‘’Palangsiang ku cakcak meureun Ma, atawa ku beurit?’’
‘’Ih puguh nu matak héran téh, maénya ngawirahma. Sidik éta kacapi téh aya nu ngeusian. Jurig kacapi meureun.’’ Nini kuring bari ngabirigidig jiga nu sieun.
Lamunan kuring buyar basa nyawang satungtung deuleu laut nu ébréh warnana paul. Pepedut isuk-isuk nyimutan kilang minyak. Manuk camar ngalayang. Japati pating geleber. Haseup pabrik mumbul ka jomantara. Hawa nyegak kaangse nojosan kana irung. Teu karasa obrolan Bah Udin jeung jenatna Nini téh masih nongtoréng kénéh karékam dina ingetan kuring. Padahal maranéhna geus mariang ti heula ka alam séjén.***


