Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Wanci Burgerkill

Rabu, 28 September 2016

BADA Magrib, Burgerkill ngajak usik. Gajleng, lalaki buuk botak luncat ka panggung. Ngarawél mic. Galantang maca sajak, “Luhur panggung séah musik. Di handap nu nongton usik. Sapetik gitar ngajerit. Distorsi maratan langit.” Olohok nu aya di panggung. Caricing nu usik handapeun panggung. Jempling lir di Makam Kawali. Aya nu sésélékét ti antara nu nongton. Awak lempay buuk beureum sataktak. Térékél kana pager beusi wates nu nongton. Cat ka panggung. Pok sasadu ka nu araya. “Hapunten. Ieu téh pangarang abdi. Nuju galow tingkat tinggi,” pokna bari ngaléng éta lalaki turun ti panggung. Jorowok saurang nu nongton, sorana meupeuskeun simpé. “Basa Sunda moal leungit, njiiiing!!!” ger nu nongton surak. Burgerkill maén deui.*  

Ibnu Hijar Apandi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya