Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Anak Pamayang

Kamis, 29 September 2016

BUUK budak téh katénjo ririaban. Katebak angin laut nu ngaheureuyan. Kolébat. Kingkilaban tigin kénéh maturan. Marengan parahu nu ngageuleuyeung nilar daratan. Méga nu tadi gumulung, mimiti peuray. Bulan geus katémbong deui ngempray sabihari. Waruga budak nu cikénéh milu ngucuprak, geus anggang tina awak parahu.
“Meugeus, Nyai. Bapa rék indit heula. Bisi samagaha kaburu tumiba,“ bapana laju unggah. Parahu lumampah deui dijurung pangwelah.
Anak Pamayang. Bangun nu euweuh karingrang. Angger ngajanteng. Teuteupna nunutur parahu nu keur laju. Biwirna embut ngerepan. Kawas keur kakawihan.
“Bapa énggal mulang, Nyai keueung sorangan,” sorana rintih kabawa ku angin peuting. Sakapeung kapangpéngkeun basa angin beuki gumelebug. Tuluy nyirorot murag. Disanggap borélak létah lambak. Lalaunan langit ngahideungan, najan gumpluk méga geus lila ngiles teuing ka mana.
Unggal purnama pareng némbongan. Anak pamayang matuh ngalangeu di éta basisir. Bari kalan-kalan hahariringan. Mirig réngkénék awakna. Nganteur tineung paneuteupna ka tengahing sagara. Miharep rungkup samagaha, mulangkeun deui kalangkang bapana.*

Asép Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya