Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Balukarna

Kamis, 29 September 2016

"LAIN geura saré atuh nya?" ceuk Tunduh ka Heuay.
Heuay teu némbal. Ukur unggeuk. Duanana neuteup
dununganana nu ceuleuyeu. Tarangna kerung.
Panonna beureum. Burahay.
"Tuh nya geura! Kalah ninyuh deui cikopi! Iraha
rék saré atuh ari kitu mah?" Lungsé gogodeg. Rumahuh
semu kekerot.
"Barinagé arusil teuing atuh? Nya keun baé da kahayangna
ieuh!" Haseup Udud muncereng. Tuluy sidakep bari jebi.
Udud Keretek jeung batur-baturna naronghol tina bungkusna
bari tingcakakak. Séah. Panékér nu cingogo gigireun
asbak ukur nyengir bari ngégélan kuku.
Heuay indit. Dituturkeun ku Tunduh.
"Rék kamarana ari ilaing?" Lungsé ngagorowok.
"Indit ah!" Ceuk Tunduh bari ngagidig.
"Moal milu narungguan? Paling gé sakeudeung deui da...!"
"Moal!" ceuk Tunduh jeung Heuay ampir bareng.
"Atuh déwék katempuhan mun kieu carana mah!" Lungsé
lumengis.
"Meugeus, urusan kami éta mah! Nya?" ceuk Asup Angin bari
ngalieuk ka Jangar Sirah nu ukur ngabales ku kiceup.
Ramona pakupis. Nyabutan bulu irung.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya