Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Janggot

Jumat, 30 September 2016

SUP, ka masigit. Ngong, marébot komat. "Mangga ka payun!" Imam nu geus matuh, ajrih bari popoyongkodan, ngahaturanan nu janggotan ngaimaman. Si Sarpoed ukur ngabéléhém seuri. "Mangga mama wéh nu tos istiqomah, tafadhol mama!" Ngan sakitu-kituna Si Sarpoed bisa basa arabna gé. Imam surti, tawadhu ieu mah nu janggotan téh. Laju maju kahareup ngaimaman. Kitu deui basa di Blok M. Jrut, Si Sarpoed turun tina mobil, nyampeurkeun tukang ngamen jeung calo nu keur ngariung. "Punten kang! Dupi Damri nu ka bandara di palih mana?" Sarua kaayaanna. Preman mata simeuteun. Aya nu janggotan teu mamawa pakarang. "Lebet waé ka palih dieu, Kang!" Nu ngamen jeung preman nembalan sopan. Ngan basa Si Sarpoed diajak ka Alexis. Ujug-ujug satpam nyampeurkeun. Ngeupeulan amplop. "Kang, salam ka Habib!" Si Sarpoed ukur rungah ringeuh...*

Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya