Saung Nyingkur
"Emh."
Kang Suta marojéngja. Ngarasula. Cocoba dodoja mulan-malén nyesek dada. Eungap. Haliah dunya ngeundeur rumah tangga.
"Aing cua! Euweuh araheunana!"
Neukteuk méré anggeus. Padahal titis tulisna. Kaputusan Nu Maha Luhung teu dibaca galeuhna. Ukur cangkang sakolébat. Nempo ka luhur.
Beuki linglung. Kapahung dina ulekan talajak. Teu katepi nyurahanana.
Leumpang deui. Taralak-tirilik nunutur detik. Ngaliwatan tempat runtah. Sacewir keretas kotor méh katincak. Tulisanana pupul. Tapi masih kaharti. Maju mundur nagara gumantung kaum istri.
Bati kekecrék. Gogodeg. Dalah dikumaha. Hirup kudu dipaju. Tiba di saung nyingkur. Aki pangebon medar lalakon.
"Euleuh! Karingkus geuning."
"Maksadna?"
"Éta pangakuan meni ngahunyud."
"Teu ngartos."
"Meni sagala diaku nu diri. Sombong."
Lebeng. Angin 'na pucuk sampeu ngageuhgeuykeun. Tikukur ngoréh binih palawija. Ngadelék.
"Hayang sangsara?"
"Alim."
"Aya sangsara kitu?"
"Karaos ayana."
"Aya jalma nu teu ngarasaeun sangsara dina kasangsaraanana?"
"Duka."
"Apal jalma nu geus jadi manusa?"
"Henteu."
"Contona Nabi Luth."
Pasir cangra. Saung nyingkur ngukur kujur.*
Dadah Hidayat - kisuta.com


