Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Manajemén Évolusi

Selasa, 4 Oktober 2016

“RÉK kitu waé sia téh? Hah!?”
Plak!
Hujan taya reureuhna. Nu garandang nu gareulis, laluis naker. Kawasna mah pagawé kelas tengahan. Saurang-saurang turun tina mobil, kikicipritan. Dipapag palayan nu rikat mayungan. Wellcome! Ceuk kékésed, méméh karpét beureum ngajepat nganteur gandeuang.
Teu kungsi lila, ball room hotél kadéngé séahna. Cenah acara ngahudang motipasi, ngaronjatkeun gawé suhud jeung rancagé. Dihadiran ku Pa Mentri, jeung saurang tukang biantara nu kasohor sakuliah nagri.
“Na... Bangkawarah pisan satéh! Bedegong!”
Plak!
Palebah lampu parapatan nu singget beureumna, Si Juha rancucut. Cingogo tipopolotot. Teu reureuh ngulang-ngulangkeun payung leutik, sakapeung diceprétkeun kana tonggong Si Joni: monyet égang anyar meuli na karék bisa ngégélan ranté.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya