Garut
TONG kairut ku batu, Kang Acéng. Tong bedang kawas pedang. Baham kedah dijaga, sakumaha rarangan nu kedah teras dirapalan.
Kiwari, saur facebook, kota harénghéng. Ibu guru, bapa tani, tukang béca, sareng barudak sakola, nu sirahna dibaraguded sesébétan sepré beureum, rabeng mamanggul tarajé. Ngepung tembok kabupatén. Puguh bulan tos alaeun, diipuk lampah nu atos-atos: Kaporotan ngalongok nu kabanjiran, ngantep jalan nu barolong, barudak diabur di sisi jalan, ngapilainkeun rencang damel. Garut karaos eungap, Pangersa. Santri nu andalemi, asak jeujeuhan, tapak kitab sareng wiridan, tos lami ilang. Nyésakeun macét di sapanjang Malangbong. Yaktos Lélés-Cipanas mah - tiis-tiis tos badé lebet Salawu atanapi Cikajang pisan.
Demi nu ngagaledoran panto, hanjakalna, bet kalangsu. Misoal rusiah Gusti, mopohokeun pasar nu rentul ku runtah, tukang sepré sareng jas hujan nu diantep sosoranganan. Maranehna lir ucing hideung di kebon kembang tukangeun gudang nu pinuh ku sapatu jeung sendal. Ngaherung nyalukan bulan. Sorangan.*
Maman Gantra - kisuta.com


