Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Taktagé

Minggu, 23 Oktober 2016

CAINA kiruh, malah semu héjo. Kaciri aquarium nu nyempod di juru rohangan téh tara dirawat ku nu bogana. Laukna baregang. Géboyna ngalénghoy kurang tanaga. Kukurilingan néangan hakaneun. Laju ngarudis. Nu merewul kalah kokotor, kalaluar tina sela-sela batu leutik nu kasurungkeun. Cai beuki kiruh.
Lauk pangbadagna, ajol-ajolan. Cleng, luncat kaluar tina aquarium. Pluk, murag deukeut suku nu bogana nu kabeneran ngaliwat. Teu talangké, lauk dirawu. Barang rék diasupkeun deui, crot beungeutna diciduhan ku lauk, “Mun rék dipiara, paraban atuh aing téh. Da aing mah teu puasa !!!” Gebeg. Asa ditonjok angen.
Ti harita, unggal poé lauk diparaban. Caina teu weléh hérang ngagenclang. Laukna patinggaréboy, silih udag suka bungah. Matak betah nu nempokeun. Aquarium pindah ka rohangan hareup. Sieup, mawa hégar ka sakuliah rohangan. Tilu poé saméméh boboran, salah sahiji lauk dibeuli mahal ku koléktor. Nu boga paromanna marahmay. Poéan boboran, sakulawarga papakéanna garinding.*

Eboed - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya