Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lipglos

Senin, 24 Oktober 2016

SALILA-LILA. Andi. Diuk dina sisi ranjang. Neuteup unggal juru-juru kamar. Hiji-hiji diimeutan. Sakabéh pangeusi nu geus nganteur lalakonna. Pulas témbok. Jam paéh. Tumpukan buku pelajaran. Poster grup band kameumeut. Potrét babaturan sakola. Lukisan indungna. Bonéka. Katut rupaning barang nu ngahudang panineungan. Lebah seragam SMA nu rocét rupaning warna. Teuteupna ngarandeg. Kagambar deui kajadian tadi beurang. Beungeut-beungeut babaturan narémbongan. Suka bungah. Sanggeus narima pengumuman lulus ujian. Tapi teu lila. Paromanna robah. Gap. Map gigireunna. “Tah, eusian formulir tés polisi...” Sora bapana. Nongtoréng kénéh. Andi. Ngarahuh. “Mending gé jadi tentara siga Kaka, ulah nuturkeun bapa jeung lanceuk manéh nu dua.” Sora lanceukna nu cikal. Andi. Kalah tungkul. Bari tipepereket meungpeukan ceuli. Nyilih sora-sora nu piligenti ngahurup. Jung nangtung. Gék hareupeun eunteung. Anteb. Neuteup rupana sorangan. “Geura pilih jalan jeung kahayang sorangan...” Sora indungna nu lawas nilar. Kusiwel kana tas leutik. Lalaunan. Lipglos diulaskeun kana biwir. Nyéh imut. Bareng jeung cipanonna nu ngeclak.*

Ari Andriansyah - kisuta.com 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya