Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nguliat

Senin, 24 Oktober 2016

HUDANG saré tuluy nguliat. Pangnikmat-nikmatna. Tah, éta pisan nu euweuh di kuring téh. Geus sabulan meureun panyakit teu bisa nguliat téh tumibana. Teu bébéja ka anak pamajikan mah. Keur sakuringeun baé nu apal. Tatamba geus ka mamana. Ka dokter. Ka alternatif. Teu hasil. “Pah, nyangu naon nu raos?” Nu bungsu ngajak tatarucingan. “Taluk!” cekéng. “Nya..nguliat atuh...!” cenah. Hadeuh. Matak nyelekit kana haté jeung cangkéng. Teungteuingeun. Pamajikan mimiti baeud. Da setoran gajih mingguan sok remen kurang. Sawaréh dipaké tatamba apanan. Meunang béja, aya dukun nu ahli mindahkeun panyakit pasénna ka sasatoan. Durugdug ditéang. Enya baé. Panyakit kuring pindah ka domba. Alhamdulillah. Gajih weuteuh deui ka pamajikan. Malah ayeuna mah ngawanti-wanti ulah teuing nyangu. Da dahar mah sok ngadon di kandang domba boga Mang Odoy. Isuk soré.*

Rudi Riadi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya