Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Insap

Selasa, 25 Oktober 2016

"ALHAMDULILLAH, geus ampir leuwih ti sataun tara meulian deui Djisamsu.."
"Ah, nu bener?"
"Enya..."
"Geuning éta bisa? Apan baréto mah aya kana dua tilu bungkusna sapoé téh?"
"Nya bisa atuh, kumaha urangna wé. Apan kudu aya parobahan hirup mah, lin?"
"Enya alus. Kudu kitu! Syukur wé geus insap mah! Ambéh séhat deuih..."
"Nya dipikir-pikir teh, asa nyaah wé duit welasan rébu dipaké udud.
Keur mah néangan duit téh apanan hésé béléké jaman kiwari téh"
"Atuh enya, pan tibaheula gé geus dibéjaan kitu ku déwék téh. Ngan didinya wé asa meni loba pisan alesan"
"Enya, komo ayeuna mah, geus limalas rébu sabungkusna téh"
"Tuh! Komo kitu. Nyaah pan? Mending ogé dipaké keur kabutuhan nu séjén"
"Nyaéta kitu, nu matak ayeuna mah, tibatan dipaké meuli samsu,
geus wé dipaké meuli Djarum nu rada murah..."
"Euuuuh, ari siaaa!"*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya